Sabtu, 30 April 2011

muqaddimah

Niat abdi surat-serat dina ieu Web log... Karena Allohitaala.. .mugi aya dina pitulung sinareng pituduh tiMantena., nu mana dina ieu seratan, kalintang seueur pisan kakiranganana, boh tina cariosan, pola pikir, pengejaan kalimah, sareng tina cara panyajian bahasa/kalimahna, 

Anu mana salah sawios pamaksadan tina dipidambelna ieu blog.. teu aya kanteun kangge ujukan silaturahmi bae ka balarea nu aya di ieu jagat/pelanet, nu mana sami-sami pada narukil nafas nu kalintang mewah tur haratisna ti Gusti Alloh, nu sami-sami ngaraosan hanetna panon poe anu sakitu mentrangna, anu sami-sami dipaparinan cahaya bulan tina poekna wengi nu geuleudeugan. anu sami-sami dipaparin akal sareng Elmu anu teasa ku urang dipergunaken... 

eta panginteun silaturahmi anu kahiji, silaturahmi nu kaduana atuh nyaeta nyilaturahmikeun naon rupi kanyondongan emutan sinareng hate urang anu sakie wawatesna, ku elmu pangaweruh sareng hate anu sok rajen samar polah, teu puguh milampah dina kamandirian, teu kuat tina guncangan tur teu kuat tina dodoja nu nguliringan dina kahirupan urang... 


0 komentar:

Posting Komentar

http://a8.sphotos.ak.fbcdn.net/hphotos-ak-snc6/167318_182486508439895_4230202_n.jpg
Masuk ke Blog